- Jumlah Padalisan (baris) dina unggal Pada (bait) aya 6
- Jumlah engang dina unggal padalisan atawa guru wilanganna aya 8
- Sora engang panungtung dina unggal Padalisan (baris) atawa guru laguna nyaeta u,i,a,i,a,i
Budak leutik bisa ngapung (8-u)
Babaku ngapungna peuting (8-i)
Nguriling kakalayangan (8-a)
Neangan nu amis-amis (8-i)
Sarupaning bungbuahan (8-a)
Naon bae nu kapanggih (8-i)
Conto 2.
Karya : Nyimas Endah
Pun lanceuk mangkat ka Bandung
Bade milari pangarti
Keur jaga hirup di dunya
Ciri budak nu mandiri
Sagalana ku sorangan
Teu weleh ngarasa nyeri
Teu ngahesekeun kabatur
Lamun milari pangarti
Sakiat-kiatna raga
Nu peryogi heunte lali
Kanu mangeranan alam
Nu tos maparin pangarti
Tidak ada komentar:
Posting Komentar